Category Archives: lirik lagu

Darso – Gupay Katresna


Jalan anu can di aspal
Taringgul ku babatuan
Mengkol ka jalan jajahan
Brasna ka pilemburan

Semangat beuki nambahan
Katinggal ti kajauhan
Manehna mapag gugupay
Kacape teh kaubaran

Pa amprok palebah lengkob
Asa pinuh ku kasono
Maklum tos aya bulana
Tara datang ka manehna

Leungeun katuhu ditungtun
Bari henteu lesot imut
Leumpang bari silih cekel
Rasa kacinta nambahan

Darso – Duriat


Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman

Darso – Jabogoh jauh


Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon
Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an
Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu
Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna
Boga kabogoh jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon….

Darso – Kahayang Keukeuh


Mimitina iseng
Ku resep ngaheureuyanna
Geugeut ka geulisna
Geureugeut kana bodina

Tina iseng kalah manteung
Tina heureuy asup kana hate
Tungtungna kuring bebeakan

Ngabelaan nganjuk ngahutang
Mahugi hayang kapake
Lindek-lindek japati
Rek dicium mah hararese

Usaha anu can hasil
Kaburu beakeun modalna
Rek ngalamar teu boga duit

Kuring nu ngoleang
Manehna kabandang batur
Cinta anu kapakan
Hate kuring kakalayangan

Kahayang teu kahontal
Manehna kawin jeung batur
Hate anu peurih
Ceurik ceurik ku nalangsa

Duriat pageuh
Kahayang keukeuh
Ngalamun teu paruguh
Nunggu randana

Darso – Megasutra Pantai Carita


Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas endahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geuteurna cinta

Dina dada aya rasa
Dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Di sisi basisir
Laut pantai carita
Nya didinya urang teh wakca balaka

Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katineung rasa
Saksi asih mekarna hareupan cinta
Poe isuk muga laksana paneja
Mega sutra….
Di langit pantai carita

Doel Sumbang – Tanjakan Burangrang


Lebah tanjakan Burangrang
ayaasih aya cinta
miguraan dua hate
nu teupang pada harita

Campaka tilam katresna
nyeungitan jangji duaan
harepan datang nembongan
ngolebat bagja duaan

Lebah tanjakan Burangrang
didinya ngajikna rasa
lebah tanjakanBurangrang
didinya janji duaan
[ http://liriksunda.blogspot.com ]

Lebah tanjakan Burangrang
didinya ngajikna rasa
lebah tanjakanBurangrang
didinya janji duaan

Campaka tilam katresna
nyeungitan jangji duaan
harepan datang nembongan
ngolebat jangji duaan

Lebah tanjakan Burangrang
aya tapak rasa cinta
waktu kuring datang deui
tiluan eujeung si cikal

Doel Sumbang – Awewe Sapi Daging


Aya awewe jaman ayeuna
Ngaku awewe modern
berkarier penuh obsesi
sagala hayang siga lalaki
ceunah emansipasi
bari utek na teu ngarti
bisnis beurang peuting
bisnis naon duka teh teuing
salaki na di imah ngajaga tulak panto
anak na diasuh
cukup ku suster jeung babu
hayang na mobil mewah ngabelaan jadi runtah
ngarepkeun ti salaki ceunah duitna teu cukup wae
emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak
awewe nu kieu lain awewe modern
tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
nganut emansipasi kaluar tina aturan
montong ngawalan kodrat
bisi ngadon jadi bejad

Doel Sumbang – Ai


Arek mungkir euweuh alesan keur mungkir
Asep endag ku Ai
Hese bohong rumasa teu bisa bohong
Asep oleng ku Ai
Ayeuna sisiga nu kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan
Lieur ku Ai
Kabedil ku jangjawakan
Kapanah ku kinasihan
Gelo ku Ai
Samara sasamar polah
Teu bisa dipapaleutkeun
Teu bisa dibebenjokeun
Nu aya dina lamunan beurang peuting
Ukur Ai
Rumasa teu bisa mungkir
Asep oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong
Asep eundeug-eundeugan ku Ai
Tue bisa mungkir jeung bohong
Nu aya dina hate Asep ngan ukur Ai

 

Doel Sumbang – Arti Kehidupan


Jangan Berkata tidak
bila kau jatuh cinta
terus terang sajalah buat apa berdusta

Cinta itu Anugrah
maka berbahagialah
sebab kita sengsara
bila tak punya cinta ho..oooo

Rintangan Pasti datang menghadang
Cobaan Pasti datang menghujam
tapi yakinlah bahwa cinta kan membuatmu
mengerti akan Ari Kehidupan

marilah sayang mari sirami
cinta yg tumbuh di dalam diri
marilah sayang mari sirami
agar merekah sepanjang hari

Doel Sumbang – Aya Rasa Aya Cinta


naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun?

naha salah lamun kuring boga rasa deudeuh salian ka anjeun?

sapanjang anjeun satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal unggut karinduan
sapanjang anjeun satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal kedal kaanginan

cinta akang mang bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna

ulah….melang
ulah….hariwang

naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun?
naha salah lamun kuring boga rasa cinta salian ka anjeun?

sapanjang anjeun satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal unggut karinduan
sapanjang anjeun satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal kedal kaanginan

cinta akang mang bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna